HOT NEWS
RUBRIK PILIHAN: Tampilkan postingan dengan label LANDONG BAEUD. Tampilkan semua postingan
Murid di SDN Pasirkaliki Rawamerta
Murid di SDN Pasirkaliki Rawamerta
SINGAPERBANGSA-.Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot ti Tempuran ka Karawang kota. tina dandan na mah kawas guru SMA da ka tempo rada rebes (beres,red) pangadeg jeng bajuna.diuk na angkot di hareup gigireun supir nu kesem kawas can menang setoran.Bari mapay jalan layapan Tempuran nu rusak,angkotna leumpang.si supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta rada talete.

Supir : "Dupi ibu ngawulang di SMA atanapi tsanawiyah?

Bu Guru : "di SMA Karawang,pak"

Supir : "Ngawulang Seni bu...?"

Bu Guru : "Sanes pa supir"

Supir : "Agami...?"

Bu Guru : "Sanes,memang abdi katingal kawas ustadjah kitu..."

Supir : "Hehe,punteun bu ngawulang naon atuh..?"

Bu Guru : "Ngawulang Matematika....!"

Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.

Bu Guru: ...

Karawang-.PELITAKARAWANG.COM-.Aya-aya wae jaman kiwari piomongeun teh,teu widang politik nu rame wae ku paseulupna hayang pamenang-menang dug masalah dapur batur oge diramekeun wae.
pelita karawang
Beras Raskin
Kieu caritana:

Waktu harita pas poe kamis, aya beja di desa Lalayangan rek aya beas raskin.di desa eta aya salah hiji kapala kulawarga nu hirup na miskin tapi taat kana ibadahna. Nyaeta di sebut kulwarga Usman, manehna ka golong  jalma nu koreh-koreh cok hirupna,boga awewe ngarana Misnem jeng Usep ngaran anakna nu karek umur tilu bulan.

Misnem : Abah na sok  ayuena ikhtiar ,di desa urang rek aya beas Raskin.

Usman: Beres ema na,nu penting ngarti weh kawas batur ari ka salaki sing taat jeng patuh.

Misnem:Naon Abah teu ngarti ?,asa -asa  kalimah na rada beda ti sasari.

Usman:Heuhhhh..ayuena teh peuting jumat,asa pedo (nikmat) jiga kawas nu ngora.

Misnem: Oohhh..ya ya ya .pan eta mah hak jeng kawajiban ema oge abahhhhhh.

Usman: Syukur atuh,ke abah rek ka desa ayeuna.

Misnem: Jung di doakeun,pokokna peuting ambeh pedo pisan.

Teu cumarita deui,Usaman ngoloyong leumpang  mangkat kadesa nu kira-kira anggang ti imah na kana 2 kiloan.Dasar jalma leutik,aya istilah meus-meus katincak,meus-meus ka bekok ku kaayaan hirup na nu balangsak.anu jadi sabab Usman disebut kitu, beas raskin nu rek di beli manehna beak di jual kuwu gelo ka tangkulak beas kawas di Pedes,cek beja nu di koran-koran.

Pas asup waktuna magrib, Usman karek tepi imahna bari nyengir ka Misnem.

Usman : Ema beas raskin teh beakkeun ,cenah mah di jual pak kuwu ka tangkulak beas.

Misnem: Jadi abah teu menang beas keur dahar isukan teh bah?.

Usman: Boro-boro ema na...Kuwu tega pisan naon oge di lelangan.

Misnem:Bodo teuing kuwu tega,ema rek leuwih tega ka abah.

Usman:Maksudna ?.

Misnem: Pokokna acara pedo-pedoan  jobar sarua jeng beas raskin.

Usman: Oooohhhhhhhh..ema ko manega ka abah.

Misnem:Pokokna ,nasib abah nasib hapeuk kawas beas raskin

Usman: Nasib,nasib,nasibbeas teu menang,malam jumat poosssssssss..Dasar kuwu gelooooooo.

Kiriman :Kusumah :Karawang 

@www.pelitakarawang.com

SINGAPERBANGSA-.Aya hiji ibu-ibu (urang Medan) keur leleyepan hayangeun sare.
Teu puguh mimitina anakna nanyakeun: "Ma, Ema geus pernah nincak Jakarta?"
Si ibu ngajawab "Enggeus Jang"
Si anak nanya deui: "Lamun Bandung?"
Si ibu ngajawab: "Enggeus Ujang.."
Terus si anak nanya deui: "Ari Jogjakarta katincak can ma?"
Si ibu ngajawab: "Atos Jang.."
Teu lila si anak nanya deui: "Lamun Surabaya, Bali, Lombok, Makassar, Papua, Aceh, Pontianak, Pekanbaru, Balikpapan, Manado, Kendari, Pangkal Pinang, Batam, Palangkaraya katincak can ma?"

Bari gigisik si ibu ngajawab: "Geura sare Jang, tinggal sungut sia nu can katincak" 
pelita Karawang
Gambar Anangs,blog
Kiriman:  Suma Sanjaya.


SINGAPERBANGSA-Di hiji rumah sakit nu aya di ibu kota, aya dokter ngora keneh keur diajar praktek. Kadatangan pasien awewe nu geulis teu kapalang. Dokter kumerot hayangeun kumaha carana supaya bisa “mariksa”.

KARAWANG
Kabeneran eta pasien daftar ka manehna. Sanggeus nungguan teu lila dipanggil asup ka ruangan praktek. Diruangan geus ditungguan ku dokter. Rengse ditanya ngaler ngidul si awewe tuluy dititah nangkarak. Bari mariksa si dokter mikir kumaha carana bisa ‘ngagawean’ awewe nu masih ngora tur geulis.

Lila-lila kapanggih, tuluy nyokot thermometer keur ngukur suhu awakna. Mimitina thermometer diasupkeun kana baham, sanggeus rada lila dicabut deui. Ceuk si dokter mariksa dina baham mah kurang hade, tuluy mariksana dina kelek. Kapaksa si awewe muka blusna supaya si dokter bisa nyelipkeun kana kelek. Teu lila mariksa dina kelek oge dianggap kurang pas. Tuluythermometer di pindahkeun kana bujur si awewe. Si awewe dititah muka rok jeung calana jero geus kitu dititah “nonggeng”.

Dadak sakala, “Aaw…” awewe teh ngoceak, eta mah lain bujur abdi, Dok!!”
Si dokter ngajawab bari selow. “Ah, teu nanaon, Zus…, ieu nu asup ge lain thermometer!”

Indah S. 1986 


Kiriman :Suman sanjaya

www.pelitakarawang.com

SINGAPERBANGSA-Kang Salam baraya Mang Satam taya gadagna. Ngan baranghakan pangpangna ngakanan lalab-lalaban matak Mang Satam mah tara datang ka Salam lantaran kayangna tara ras-rasan, hayang ka anak Camat Karangsalam randa anyar. Ahad jam salapan Kang Salam ngahaja ka Karangsalam ngadatangan anah anak Camat. Barang datang Anah kasampak nangkarak kawas bakakak hayam asak nang nyambaraan na amparan handap tangkal kalapa.
pelita
ilutrasi

Salam  : Lakadalah Anah akang ngahaja datang hayang ngalamar ngan bapa Camat arang aya, ka Anah sajalah akang balaka.

Anah   : Tah akang mah gadagna maksa sajah padahal Anah narah lantaran akang taya gadagna.

Salam  : Aa…h akang mah taya gadag, ngan akang anak dalang kalayan banda akang nya badag nya panjang aya manfaatna.

Anah   : Haram jadah dasar jalma taya waras-warasna.

Salam  : Alaah … naha ka akang narah padahal akang nyaah ka Anah ngan hanjakal Anah nangkarak sajah pan aya sawala.

Anah   : Dasar kang Salam bangkawaraaah ! !!! !!

Aslam Kartanagara ,Sadang Jawa Barat 

Kiriman Suma Sanjaya.
www.pelitakarawang.com

SINGAPERBANGSA -.Ieu mah ngan ukur dongeng bari jeung teu mustail aya kajadianana.Hiji mangsa aya dua nonoman urang Bayongbong Garut nu rek neangan gawe di Jakarta. Nyusul batur-baturna nu geus aya di Jakarta jadi tukang cukur. Ngarah irit eta dua nonoman indit ti lembur nyubuh ,nempong mobil treuk nu mawa barang ka Bandung. 
Pelita Karawang
Ilustrasi Mobil Angkot di Bmadung
Ti Bandung neruskeun lalampahanana naek kareta api nu ka Jakarta. Wanci isuk ngahaeub beurang eta dua nonoman anjog ka kota Bandung. Jrut tarurun tina treuk nu ditempongan tea, bari nganuhunkeun ka supir. Saterusna maranehanan tumpak mobil angkutan kota ngajugjug ka halteu kareta api kota Bandung.

Teu kungsi lila angkot anjog di hareupeun halteu kareta. Turun ti angkot eta dua nonoman gura-giru muru loket tempat meuli karcis. Kabeneran kareta nu rek ngajugjug ka kota Jakarta geus ngajugrug. Sanggeus baroga karcis, gancang maranehanan arasup ka kareta api, gek duanana dariuk di korsi kareta nu kabeneran kosong keneh. Sanggeus ngagenah-genah maneh eta dua nonoman, galecok sagala di omongkeun naon wae nu katingali kaayaan di kota. T

Teu kungsi lila jol dua jalma ewesalaki (suami istri, Ind) urang Eropa. Da eta cirina teh kulitna barule, jarangkung gede bari jeung nu lalaki beungetna bewokan. Gek eta dua bule teh dariuk pahareup-hareup jeung dua nonoman tea. Eta dua nonoman Garut nu kakara tumpak kareta api, jep jempe, bari jeung panon duanana neuteup ka urang bule tea.


Bari patingbalieur eta dua nonoman nuluykeun wangkonganana. Eusi wangkonganana diantarana kieu :
A : “Disidik-sidik mah jiga monyet kolot, nya”, cek nu saurang.

B : “Lain kos monyet atuh, eta mah jiga domba jalu uing di imah,” tembal baturna.

Eta wangkongan kadengeeun eces ku dua urang Eropa tea, sabab diucapkeunanan lumayan tarik, ma’lum sora kareta gandeng, katurug-turug eta dua nonoman nyangka eta dua bule moal ngartieun naon nu diwangkongkeun.

Selang sababaraha waktu kareta api nepi ka halteu kota Purwakarta. Dua bule tea patingkuciwes , teuing naon nu diobrolkeun. Sanggeus kareta eureun duanana rek turun, bari jeung ngucapkeun kieu ka eta dua nonoman Garut : “Punten nu karasep, ngiring ngalangkung, monyet kolot bade lungsur”.

Atuh lain deui ngagebegna eta dua nonoman. Katingal beungeutna sepa, jiga nu reuwas. Duanana papelong-pelong. Bengong.

Sihoreng eta dua bule teh turis ti Belanda profesor basa Sunda di Universitas Leiden.
Hag siah.! 


Kiriman : Kasim Suriadinata  Sumber: www.pelitakarawang.com

pelita karawang
ilutrasi:anak-anak tertawa
SINGAPERBANGSA-.Si aki nyarita ka anak jeung incuna masalah Belanda nu pernah ngajajah bangsa urangKeur asik nyarita jol nging... we si aki ceurik malah nginghak mantak watir nu ngadenge.Ngarasa milu sedih si cucu ngadeukeutan bari nyarita “Atoosss akiemang baheula mah loba nu pikasediheun tapi ayeuna mah urang geus merdeka…” Pinuh ku parasaan si aki ngajawab “Cuulain sedih lantaran inget zaman baheula, tapi IEU SIKI SALAK AKI KAJEPIT KORSI ROTAN.”

Net -  Kiriman:Suma Sanjaya.

REDAKSI SINGAPERBANGSA


DUNIA KRIMINALITAS



SOSIAL & KEMASYARAKATAN



MAJALAH SINGAPERBANGSA >>> KERTITIK,SOROT DAN MEMBANGUN.